Oray-orayan nya éta kawih kaulinan anu dilakukeun ku barudak nu rék ulin oray-orayan, biasana saméméh ulin oray-orayan sok silicekel heula taktak.[1]Nu tukang nyekel taktak nu hareupeunnana jeung saterusna tuluy maju ka kénca ka katuhu katempona ngaléor siga oray bari ngawih tuluy luar-léor mapayan jalan ngurilingan budak nu keur jaga jadi guha nepi ka asup salah saurang budak tuluy dititah milih rék kamana, naha rék milu ka kelompok nu ka hiji guha katuhu atawa rék milih kelompok nua ka dua guha ka kénca, kawihna kieu:
Oray-orayan
Luar-léor mapay sawah
Entong ka sawah
Paréna keur sedeng beukah
Oray-orayan
Luar-léor mapay leuwi
Entong ka leuwi
Di leuwi loba nu mandi
Saha nu mandi
Anu mandi pandeuri
Oray-orayan
Luar-léor mapay kebon
Entong ka kebon
Loba barudak keur ngangon
Mending gé teuleum di leuwi loba nu mandi
Saha nu mandi
Nu mandi pandeuri.[1]
Sanggeus kitu, huluna tuluy ngudak buntutna bari disada, "kok, kok, kok, kok".[1]
Kawih liannna :
Oray-orayan
Oray naon
Oray bungka
Bungka naon
Bungka laut
Laut naon
Laut dipa
Dipa naon
Di pandeuri, ri, ri, ri, ri . . . blos!.[1][2
CINGCIRIPIT
Cing ciripit
Tulang bajing kacapit
Kacapit ku bulu paré
Bulu paré seuseukeutna[1][2]
Lagu lainnya :
Cing ciripit
Kadal buntung
Duit saringgit
Dipaké nyandung
A, i, u, daun cau nangka ngora
Ari tang tang tang tangkeup ![2]
Referensi
Tidak ada komentar:
Posting Komentar