Rabu, 05 November 2014

U'ulinan barudak sunda

Oray-orayan nya éta kawih kaulinan anu dilakukeun ku barudak nu rék ulin oray-orayan, biasana saméméh ulin oray-orayan sok silicekel heula taktak.[1]Nu tukang nyekel taktak nu hareupeunnana jeung saterusna tuluy maju ka kénca ka katuhu katempona ngaléor siga oray bari ngawih tuluy luar-léor mapayan jalan ngurilingan budak nu keur jaga jadi guha nepi ka asup salah saurang budak tuluy dititah milih rék kamana, naha rék milu ka kelompok nu ka hiji guha katuhu atawa rék milih kelompok nua ka dua guha ka kénca, kawihna kieu:

Oray-orayan
Luar-léor mapay sawah
Entong ka sawah
Paréna keur sedeng beukah

Oray-orayan
Luar-léor mapay leuwi
Entong ka leuwi
Di leuwi loba nu mandi
Saha nu mandi
Anu mandi pandeuri

Oray-orayan
Luar-léor mapay kebon
Entong ka kebon
Loba barudak keur ngangon
Mending gé teuleum di leuwi loba nu mandi
Saha nu mandi
Nu mandi pandeuri.[1]


Sanggeus kitu, huluna tuluy ngudak buntutna bari disada, "kok, kok, kok, kok".[1]


Kawih liannna :




Oray-orayan
Oray naon
Oray bungka
Bungka naon
Bungka laut
Laut naon
Laut dipa
Dipa naon
Di pandeuri, ri, ri, ri, ri . . . blos!.[1][2

CINGCIRIPIT

Cing ciripit
Tulang bajing kacapit
Kacapit ku bulu paré
Bulu paré seuseukeutna[1][2]


Lagu lainnya :


Cing ciripit
Kadal buntung
Duit saringgit
Dipaké nyandung
A, i, u, daun cau nangka ngora
Ari tang tang tang tangkeup ![2]

Referensi

Selasa, 07 Oktober 2014

MARIPI


Maripi
Gunung tampa tutugan
Gunung Galunggung kapungkur
Gunung Sumedang katunjang
Talaga Soka wayahna
Rangecik di tengah leuweung
Rakun di sungkun sumoreang
Hanteu di teang
Tarima raga wayahna rangecik
ti tengah leuweung
Engklak engklakan Maripi lucu
pisan
Barudak urang Ngariung di buruan
Engklak engklakan Maripi lucu
pisan
Barudak urang Ngariung di buruan
Burudul menak ti Kidul
Gotongan parabot degung
Tatak kendang kulit maung
Di rarawat hoe wulung
Engklak engklakan Maripi lucu
pisan
Barudak urang Ngariung di buruan
Engklak engklakan Maripi lucu
pisan
Barudak urang Ngariung di buruan
Berebet menak ti kaler
Gotongan parabot topeng
Tatak kendang kulit banteng
Di rarawat hoe loreng
Dadap cangkring dina gawir
Ngajajar pa antai antai
Mana gening
Awi temen awi gombong
Daunna pating arurag
Ka tebak ku angin bajra
Leuleus raden
ngilicir di sada henteu ting koceak
Pating koceak
Koreak pating koceak
Engklak engklakan Maripi lucu
pisan
Barudak urang Ngariung di buruan
Engklak engklakan Maripi lucu
pisan
Barudak urang Ngariung di buruan
Torojol menak ti Kulon
Gotongan dog dog kaliwon
Tatak kendang kulit Bagong
Dirarawat hoe wolong
Engklak engklakan Maripi lucu
pisan
Barudak urang Ngariung di buruan
Engklak engklakan Maripi lucu
pisan
Barudak urang Ngariung di buruan
Burudul menak ti Kidul
Gotongan parabot degung
Tatak kendang kulit maung
Di rarawat hoe wulung
Engklak engklakan Maripi lucu
pisan
Barudak urang Ngariung di buruan
Engklak engklakan Maripi lucu
pisan
Barudak urang Ngariung di buruan
Berebet menak ti kaler
Gotongan parabot topeng
Tatak kendang kulit banteng
Di rarawat hoe loreng
Engklak engklakan Maripi lucu
pisan
Barudak urang Ngariung di buruan
Engklak engklakan Maripi lucu
pisan
Barudak urang Ngariung di buruan

http://m.youtube.com/
watchv=3My7X5Yu_4khttp://m.youtube.com/watch?v=3k

Kamis, 25 September 2014

TALAK TILU

Mana nyeri nyeri nyeri teuing Ceurik ati di tambelakan Henteu benang ku disabaran Aduh alah ieung Tega teh teuing Indit sore tulunyungna subuh Abdi tunduh mukakeun tulak Batin nyeuri ceurik sorangan Aduh alah ieung Tega teh teuing Nyeri-nyeri moal benang di ubaran Kajen tutumpuran paeh ge teu panasaran Mempeng ngora keneh Mempeng urang can batian Pek geura serahkeun Talak tilu sakalian Henteu butuh lalaki curaling Boga rasa asa ieu aing Henteu robah teu eling-eling Aduh alah ieung tega teh teuing

Minggu, 21 September 2014


ASIH URANG CINTA URANG

Asih urang di apungkeun ka langit
Muntang kana mega
Ucang angge duaan

Asih urang di apungkeun ka langit
Meungkeut dina bulan
Ayang-ayangan duaan

Asih urang ting karetip dina bentang celak
dumalingna cinta
Diapingku jempling peuting
di ayun ku lagu dengkleung
hariring gentra ka tineung
urang duaan

Asih urang kahibaran linduh bulan sirna
cahayana nyinglar kapati sungkeman asih
purnama harepan bagja
natar kahayang laksana
satuhu salalamina

MAWAR BODAS

MAWAR BODAS Mapay jalan satapak Ngajugjug ka hiji lembur Henteu karasa capena Sabab aya nu diteang Hujan angin dor dar gelap Hunteu aya keur ngiuhan Sanajan awak rancucut Teu paduli kajeun teuing Nu penting mah asal nepi Ka tempat anu di tuju Rek ngalongok mawar bodas Nu moal lila ka ala Sugan tea moal gagal Ke

asih urang cinta urang


ASIH URANG CINTA URANG

Asih urang di apungkeun ka langit
Muntang kana mega
Ucang angge duaan

Asih urang di apungkeun ka langit
Meungkeut dina bulan
Ayang-ayangan duaan

Asih urang ting karetip dina bentang celak
dumalingna cinta
Diapingku jempling peuting
di ayun ku lagu dengkleung
hariring gentra ka tineung
urang duaan

Asih urang kahibaran linduh bulan sirna
cahayana nyinglar kapati sungkeman asih
purnama harepan bagja
natar kahayang laksana
satuhu salalamina

Kamis, 18 September 2014

BUBUY BULAN
Bubuy bulan-bubuy bulan sangrai bentang
panon poe-panon poe disasate
unggal bulan-unggal bulan abdi teang
unggal poe-unggal poe oge hade
situ ciburuy laukna hese dipancing
nyeredet hate ningali ngeplak caina
tuh, itu saha nu ngalangkung unggal enjing
nyeredet hate ningali sorot socana
unggal bulan-unggal bulan abdi teang
unggal poe-unggal poe oge hade
situ ciburuy laukna hese dipancing
nyeredet hate ningali ngeplak caina
tuh, itu saha nu ngalangkung unggal enjing
nyeredet hate ningali sorot socana

Rabu, 17 September 2014

Runtah - Doel Sumbang

Panon na alus,irungalus,biwir alus.
Ditempo ti hareup ti gigirmeuni mulus.
Ngan hanjakal kalalakuansiga SETAN.
Gunta ganti jalu teu siriknaunggal minggu.
Naha kunaun nu geulis lobanu bangor.
Naha kunaon nu bangor lobanu geulis.
Siga na mah ngaraasa asaaing hade rupa.
Bisa payu ka sasaha tungtungna jadi cilaka.
Kulit klir koneng cangkangcau.
 Huntuna bodas tipung tarigu.
Panon coklat kopi susu.
Ngan naha atuh beut dimumurah
Geblek hirup daek jadi RUNTAH.
Ulah banggga bisa guntaganti jalu.
Komo jeung poho di baju.

ES LILIN

                                                                              ES LILIN


Es lilin mah didorong-dorong
dibantun mah dibantun ka Sukajadi
abdi isin ceuceu samar kaduga
sok sieun mah aduuh henteu ngajadi

Es lilin mah ceuceu buatan Bandung
dicandakna geuningan ka Cipaganti
abdi isin jungjunan duh bararingung
sok inggis mah aduuh henteu ngajadi

Itu saha dunungan nu nungtun munding
digantelan geuning ku saputangan
itu saha dunungan ku ginding teuing
sing horeng mah aduh geuning jungjunan

Es lilin mah ceuceu dikalapaan
raosna mah geuningan kabina-bina
abdi alim dunungan paduduaan
sok sieun mah dibantun kamana-mana

Kamana mah dunungan ngaitkeun cingcin
ka kaler mah aduuh katojo bolat
kamana mah dunungan ngaitkeun pikir
sakieu mah aduuh panas hatena.